Selasa, 15 Mei 2012

Hutbah Idul Fitri 1432 H





HUTBAH IDUL FITRI 1432 H
RABU, 31 AGUSTUS 2011
Ku Mang Aziz Hakim, MAg

           
            Assalamu, alaikum  wr.Wb.
            Inal hamdalillah nasta’inhu wa nastagfiruh. Wana’uzubillahi min syururi anfusina wamin sayiati a’malina. Man yahdillah fala mudhillalah. Wa man yudhlilhu fala hadiya lahu. Wasshalatu wassalamu ‘ala saidil mursalin wa ala alihi wasahbihi ajma’in. Amma ba’du.
            Asyhadu an laa ilaaha illah wa anna saidana muhamadan abduhu wa rasuluhu laa nabiyya ba’dah. Allahuma shalli ala saidina Muhammad al faith lima ugliqo wal hatim lima sabaqo wa nashiril haqi bilhaq wal hadi ilaa shirotim mustaqiim.
                                                            Ya ayyuhannas! Ittaqullah mastatho’tum.Walaa tamutunna illa wa antum muslimun. Waqola ta’ala  fi kitabihil aziz wahua asdqu                                 qo’ilin: a’uzubillahi minasyyaitonirrojiim, bismillaahirrahmaanirrahim:   Fa man syahida minkumussyahro falyashumhu. Waman kaana maridhon au ala sfarin faiddatu min ayya min ukhor. Yuridullahu bikumul yusro wala yridu bikumul ‘usro wa litukmilul ‘iddata wa litukabbirullaha ‘ala maa hadaakum wa la’alakum tasykurun (2: 185)                             
Hadirin Nu Mulia. Alhamdulillah dina dinten ieu urang sadaya tiasa ngumpul ngariung dina raraga ngagungkan syi’ar agama Allah. Nyaeta dina rangka shalat Idul Fitri. Atawa nu sok disebut “lebaran”.
Hadirin Nu Mulya!
            Dina dinten ieu pisan, mangrupakan kabahagiaan bagi orang-orang beriman. Tapi sabalikna, dina poe ieu mangrupakan kanalangsaan anau kacida pikeun Iblis laknatullah ‘alaih. Dina hiji riwayat dicarioskeun, dina poe ieu Iblis jejeritan ngarasa sedih, ripuh jeung nyeri. Bakataing ku sedihna, Iblis ngauran sirahna ku taneuh sareng nyeceb-nyecebkeun sirahna ka taneh. Bari terus-terusan jejeritan. Naon sabna? Karena dina poe ieu, Allah Ta’ala geus ngahampura umat Muhammad dina sagala dosana. Sehingga diibaratkeun, dina poe ieu jalma-jalma beriman lir ibarat budak orok anu kakarak brol dina rahim indungna. Mudah-mudahan uang sadaya ka asup ti golongan jalma-jalma anu menang ampunan ti Gusti Allah. Amin….
            Tapi dina poe ieu keneh, Iblis langsung musyawarah jeung wadya baladna. Nu maksudna rek nyieub reka perdaya ka manusa supaya nyarieun deui dosa. Dina dina poe ieu setan ngayakeun rupa-rupa tipu daya supa jalma-jalma mara’shiat ka Allah Ta’la. Setan dina ngajerumuskeun manusa kacida kasempetannana. Sabab kalemahan manusa aya dina nafsuna. Yakni  jalma kacida lemahna dina ngendalikeun hawa nfsuna. Sablikna, setan salalamina ngajadikeun nafsu manusa sebagai balatentarana.
Allahu Akabar 3X Lailaha illah huwalllahu Akabar Walillahilhamdu.
            Hadiri anu mulya. Dicarioskeun dina sapalih Hadist Rasulullah SAW, aya sabaraha tingkatan syetan dina ngagoda manusa. Kahiji, syetan ngagoda manusa supaya aya dina kakafiran saeneng-eneng. Supaya jalma-jalma kafir ulah arasup kana Islam. Sabab manehna nyaho lamun jalma aya dina kayaan kafir nefikamaot,  bakal asup kana naraka bari langgeng. Salalamina. Na’uzu billah min dzalik. Jadi batur manehannana dina naraka.
            Kadua, lamun jalama asup kana Islam, syetan ngagoda supaya jalma-jalma anu geus Islam ulah nga ngamalkeun agama. Sahingga, agama ngan ukur ngaran wungkul. Ngan ukur  pangakuan.  Sabab Iblis nyaho pisan, jalma Islam anu maotna dina kayaan maksiat bakal asup kana naraka, sanajan moal salalamina. Sabab jalma Islam anu ma’siat akhirna bakal diangkat ka surge.
            Katilu, cara ngagoda Iblis, supaya jalma-jalma anu Islam tur ngamalkaeun agama, digoda supaya ulah ihlas. Sabab amalan lamun teu ihlas sanajan loba jeung gede, eta euweuh hartina di sisi Allah. Sabalikna, amalan sanajan leutik tapi ihlas, direken gede ku Allah. Amalan ihlas najan leutik bakal jadi sabab ngasupkeun jalma ka surge.
            Naon ari ngaran ihlas? Ihlas nyaeta beramal samata-mata ngaharep karidoan Allah. Sabalikna lamun amal haying ka tangar ku manusa, eta disebutna riya. Anu beh dituna nyaeta syirik-musyrik. Kumaha urang supaya ihlas, eta aya carana.

1.      Ngadakwahkeun pentingna ihlas dina setiap amalan ka sakumna jalma-jalma.
2.      Latihan mariksa niat dina setiap amalan: di awal, ditengan jeung di akhir. Naha niat teh samata-mata karena Allah atawa karena berharap hayang peunteun di manusa.
3.      Beramal secara istiqomah.  Mungkin dina sekian puluh, ratus atawa rebu, aya hiji amal ku Allah anu ditampi. Sabab yakin, lolobana amal manusa hese kana ditarimana kecuali kalawan rahmat Allah.
4.      Ngadu’a ka Allah Ta’ala, supaya dibere sifat ihlas. Seperti ihlasna para nabi jeung parasa sahabat Rasulullah SAW.
Ari cirina ihlas nyaeta:lamun dipuji teu bungah. Lamun dihina teu nyeri hate. Tah lamun urang mibanda sifat saperti kitu eta kemungkinan geus nepi kana derajat ihlas. Sebagai conto nyaeta kisah Saidina Ali Karomallahu Wajhah, dina peperangan. Dina waktu perang campuh Saidina Ali rek nyabet beuheung musuh ku pedang. Tapi ampir antel pedang kana beuheung, si musuh nyiduhan kana pameunteu Saidina Ali. Sanggeus diciduhan Saidina Ali, ngalepaskeun eta musuh. Si musuh ngarasa kaget, ku naon make dileupaskeun. Padahal teu aya deui kasempetan kecuali nigaskeun pedang kana beuheungna. “ Ku naon Anjeun make teu jadi maehan kaula”, Tanya eta musuh. Jawab Saidina Ali: “Sabab keur Anjeun nyiduhan kana beungeut, anu ngadorong kaula maehan anjeun lain Allah, tapi nafsu. Ku lantaran nafsu maka kaula narikdeui pedang, hingga teu jadi maehan Anjen”. Ku lantaran sifat ihlas eta, harita jalma kafir the, asup Islam.Maca syahadat di payuneun saidina Ali.
Kadua,  ngarsakeun  sebagian ni’matna surge sanajan can nepi ka akhirat. Bilal ra, waktu di tindihan ku batu anu kacida gedena, hingga teu walakaya, teu nagarsa ripuh. Malah sabalikna aya dina kni’matan. Sawaktu Bilal ditindih ku batu anu kacida gedena, salami tilu poe tilu peuting, di garang dina panan panon poe, teu nagrasa ripuh. Sabab,  keur Bilal disiksa, Allah ngutus para bidadari surge, anu gareuis tur seungit, ngahibur ku ba Bilal. Ceuk panon kafir Umayah Bin Kholaf jeung Abu Jahal mah batu anu nindihan teh. Tapi ceuk rarasaan Bilalmah anu nindihan teh para bidadari surge anu kacida geulis kawanti-wanti endah kabina.
Kaopat, lamun jalma geus ihlas, syetan ngagoda manusa supaya henteu da’wah.  Sabab dakwah bias ngasupkeun jalma ka surge tanpa dihisab. Sanajan eta jalma can pernah sujud tarangna dina Saumur hirupna ka Allah. Conto dakwah nu dikendaki ku Allah nyeta dakwahna Shahibu Yasin: Habib Najar. Ari Habibu Najar pakasabannna sapopoe tukang suluh. Cicingna di jero guha. Di sisi kota. Dina waktu harita dating utusan Nabi Isa tiluan. Maksudna reka dakwah ka lembur Habib Najar.
Ku sabab da’wah eta, Habib Najar asup Islam, ngucapkeub dua kalimah syahadat. Sanggeus iman isuk-isuk, Habib Najar ngilu dakwah jeung utusan Nabi Isa tea, dina waktu lohor. Posisi Habbib Najar dina waktu harita lain sebagai da’I tapi sebagai dalil, tegsna anu jajap utusan Nabi Isa. Ucapan Habib anu terkenal dina Qur’an nyaeta:”ittabi’u man la yasalukum ajro wa hum muhtadun”. Anu hartina turut ku anjeun jalma-jalma anu dakwah bare teu menta buruhan. Eta the jalma-jalma anu meunang hidayah.
Ku lantaran ucapan eta, Habib di ancam rek dibunuh. Tapi Habib keukeuh dina da’wahna, sahingga Habib ditangkep  teruus dibaledogan nefika maotna. Dina waktu Habib sakaratul  maot,datnag para malaikat romat mawa berita gembira: “ qiladhulil jannah”. Asup Anjeun ka surge”. Ceuk  ulamamaksudna: Asup Anjeun ka surge langsung tanpa hisab. Ku sabab ngingilu dakwah jeung maot dina dakwah  Habib, asup ka surge tanpa hisab. Sanajan teu pernah ibadah. Manehna ngan ukur boga sifat yakin kana kalimat laa ilaaha illallah jeung ngilu dakwah. Ku sabab kitu saur Nabi: mana qola akhiro kalamihi  laa ilaaha illah, dakholal jannah (Sing saha jalam anu ahir hayatna ngucapkeun laailaaha illah pasti asup surge).
Ari dakwah mangrupakeun awal jeung puncakna ibadah.Dakwah mangrupakeun ibadah pang luhur-luhurna. Ku sabab kitu, da’wah mangrupakaeun hiji-hijina ibadah anu dibebankeun secara mutlak ka para nabi jeung rusul. Teu aya nabi anu teu dakwah.  Justeru dakwah the ngarupakaeun sifat utama para nabi jeung rusul.
Aya sababaraha kauntungan dakwah: (1). Bakal dikuatkeun iman-yakin. Ku sabab dakwah mata hati bakal mampu ningali kana ka agungan Allah; ningali alam akhirat;  jeung bakal yakin kana anu dijangjikeun ku agama, sakumaha anu disabdakeun ku Rasulullah SAW.
(2). Bakal ningkat amal. Lamun iman ningkat, amal pasti ningkat. Lamun iman kurang maka amal pasti kurang jeung lemah. Ari agama the unsurna aya 70. Akarna nyaeta yakin kana kalimah: laa ilaaha illah muhammadurrasulullah. Sedengkeun tungtungna nyaerta imathotul adza fitthoriq (miceun cucuk di jalan).
(3). Bakal dibereskeun tingkah urang ku Allah. Yakni aluskeun akhlakna seperti khalak Nai jeung akhlak sahabat (4). Bakalmeunag pertolongan ti Allah dina ngelehkeun musuh-musuhna.(5). Bakal  kaluar dina rahimna jalma-jalma kafir, jalmi-jalmi anu Islam.
Barokallahu li wa lakukum.


Tidak ada komentar:

Posting Komentar